Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak
saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak anu teu
kaburu heuay
Pating golepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak
Ku beas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu marangkuk di saung atawa di
kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pelor
Heug
tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kalbu anu rido
Keur nyembor anu balangsak
(lamun teu kitu sasaak)
(Karya Yus Rusyana)
EmoticonEmoticon